Senin, 19 Maret 2012

Pantun sunda ti Asgam bukit marjan

Kembang cula kembang tanjung
Kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek satahun
Moal weleh di antosan

Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpung jengkol
Aya ronda gogoakan
Katinggang ku hulu botol

Boh bilih ngical kalapa
Candak'na ngangge carangka
Boh bilih kalindih murka
Muga kersa ngahampura

Tuh tempo ka lebah ditu
Katumbiri nutug leuwi
Duh N'neng jungjunan kalbu
Geulisna kawanti-wanti

--------------
--------------
^_^ Hhe...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar