Sabtu, 31 Maret 2012

Selasa, 20 Maret 2012

Pribahasa sunda ^_^ Ti Asgam Bukit Marjan

Gedong sigrong moal di gandong
Sawah lega moal di bawa
Pamajikan geulis moal di ais
Salaki ginding moal di jingjing


Mun teu ngarah moal ngarih
Mun teu ngakal moal ngakeul
Mun teu ngoprek moal nyapek


_________________________________
_________________________________



Salam ka ni"+aki ka ema jeung bapa, ka dulur"sadaya, ti abdi saparakanca+Rengrengan Asgam bukit marjan...


Mangga coment'na: Hade/Alus: Di tarima ku kaula..........
Hhe...

Senin, 19 Maret 2012

Pantun sunda ti Asgam bukit marjan

Kembang cula kembang tanjung
Kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek satahun
Moal weleh di antosan

Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpung jengkol
Aya ronda gogoakan
Katinggang ku hulu botol

Boh bilih ngical kalapa
Candak'na ngangge carangka
Boh bilih kalindih murka
Muga kersa ngahampura

Tuh tempo ka lebah ditu
Katumbiri nutug leuwi
Duh N'neng jungjunan kalbu
Geulisna kawanti-wanti

--------------
--------------
^_^ Hhe...